Ini Sajak yang Dibuat Azzahra
Subang, tiradar.id- Azzahra Abidah Riwandini, siswi kelas 3 SDN Perumnas 1 Subang, sudah mampu untuk membuat karya tulis yang luar biasa.
Karya yang dibuat dan dibacakan dalam lomba baca sajak bahasa Sunda yang digelar oleh jagad Subang Siliwangi di kelurahan Karanganyar Kecamatan Subang, Sabtu (3/5/2025) bisa menempatkan dirinya di posisi juara ke 3.
Berikut adalah sajak hasil karya cipta dari bocah kelas 3 sekolah dasar di Kecamatan Subang:
KAHADÉAN SUBANG
(Karya Azzahra Abidah Riwandini)
Subang tempat nu dipika cinta
Ti mimii lahir nepi ka zaman ayeuna
Di Subang aya sagalana
Sunda, Islam, Budaya jeung Kamanusaan
Hajat lembur, Sérén Taun
Geus jadi kahirupan teu saukur tontonan
Ti Pagadén nepi ka Cipunagara
Taneuh subur, Cai ngalir méncrang ngagolontorna
Sawah lega, masagi ngembang kembang parè (narasi asli: padi)
Ngabukti panguripan nu hadé jeung rapih.
Subang teu sarua jeung nu liana
Ngahiap segerna ka sakuliling jagad raya
Kebon ganas, kebon entéh
Mangrupa salah sahiji, dipiwanoh ku baturna
Di Pasirbungur di Jalancagak
Urang nyaba neundeun rasa nu raket
Kampung-kampung nu ngeusi janggélék
Ngamumulé adat, tradisi henteu leungit kapopohokeun.
Langit Subang pinuh ku béntang
Sagalana henteu leungit pangharepan
Anu nyaba (narasi asli: merantau) jauh ka kota
Haténa tetep di Subang nu satia
Subang tempat pangbalikan
Ka asal, ka akar ka sakabéh nu tangtu
Sagalana rék digentos ku zaman
Tapi Subang, leweung haté nu moal bisa luntur salilana.