Subang, tiradar.id– Berikut adalah sajak Leungiteun, karya kayat Hidayat, yang dibacakan oleh Jesica Claudia, Siswi kelas 6 SDN Soklat, yang meraih juara pertama lomba baca sajakbahasa Sunda, yang dilaksanakan oleh Jagad Subang Siliwangi, Sabtu (3/5/2025) di Kelurahan Karanganyar, Subang.
Sajak berbahasa Sunda ini dibuat oleh Kayat Hidayat guru di SDN Soklat, yang sengaja dibuat untuk lomba baca sajak bahasa sunda. Menceritakan tentang rasa kehilangan akibat adanya kerusakan lingkungan yang terjadi di Kabupaten Subang.
Leungiteun
Yasana: Kayat Hidayat
Kuring nu leungiteun
Tatar Subang beulah (naskah asli: belah)luhur
Ceunah ceuk ema
Baheula gunung rembet (naskah asli: rimbun) ku tangkal
Pasir ipis na tepis wiring
Pajar pinuh ku tapak pelak
Sumawona leuweung sanget ku satona
Leuwi tiis hérang padang
Hiliwir angin ti lamping
Kiwari gunung bulistir
Pasir papak béak ku langsir
Nu tinggal caah jeung banjir
Sato cai badarat leungiteun leuwi
Satwa leuweung anjaclang néangan luang
Hé manusa nu sarakah
Béak léngkah teu pati pernah
Rék naon nu ditunggu
Gunung satangtung kaburu ngagebru
Longsor taneuh nu mawa tugenah
Sarakah mawa kasusah…!
Kitu lain kieu salah
Nafsu angkara murka
Sumurup sumanding sumarambah
Ya Alloh ampun….
Ya Robbi….
Ampun Gusti….!